Paedah
Anapon ari sholat anu parantos kauninga (ku urang sadaya) – nyaeta petingan roghoib - sareng sholat nisfu sa’ban – sareung sholat dina poean asyuro – eta sadayana bid’ah anu awon, sareung pirang-pirang haditsna (anu aya dina Durotun Nasihin)– eta hadits maudlu’.
Parantos nyarios guru urang sadaya (diantawisna) Ibnu Syuhbah sareung anu sanesna.
Sareung aya anu langkung awon tinimbang itu sholat - nyaeta peurkara anu tos diadatkeun - dina sapalih kampung tina sholat anu lima waktu – dina poean jum’at anu akhir tina sasih romadlon dina saparantos sholat jum’at – pada nyangka - Saeunyana eta sholat teh bisa ngifaratan kana pirang-pirang sholat (anu ditinggalkeun) sataun, oge ngifaratan pirang-pirang sholat (anu ditinggalkeun) dina saumur (hirup) anu ditinggalkeun. Tah eta kalakuan teh - hukumna haram.
(Ieu kateurangan dicandak tina Syarah Fathul Mu’in Juz' ka 1 Halaman 270 jajaran 11).


Tidak ada komentar:
Posting Komentar